About Me

My photo
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Aku adalah aku,tapi aku tak mampu menjadi diriku,.. satu hal yang perlu kau tahu,.. sekilas gambaran diriku, meskipun terlihat semu,..

Sunday, August 14, 2011

SIKSA KURUNG

Sanajan dibekem..
Masih bisa ngagerem..
Gerem leuwih rosa..
Batan heurasna carita..
ngakaya jiwa..
tapi moal bisa ngagunasika pikiran mardika..
rohna ngalalana..
nyusupkeun geter-geter sungapan kamanusaan..
kana unggal sungsum,unggal renghapan..
ngeupeul peureup nembang durma
nyingraykeun kapetengan
najan salengkah kuring moal ingkah...
najan sakolebat kuring moal ngejat...
aya sababna kuring motah..
aya sababna kuring mijah.
ulah nuduh kanu jauh..
ulah nyawang kanu anggang..
moal jauh tina wujud..
moal anggang tina awak..
tina diri sorangan..
cirina satangtung diri. 
Saban-saban robah mangsa..
ganti wanci ilang bulan kurunyung taun..
sok mineng kabandungan jelema...
sanajan ngalamun salaput umur...
kahayang patema-tema...
karep heunteu reureuh-reureuh..
manusa kadar rancana...
kabul aya tinu Maha Agung..
Laksana aya tinu Maha Kawasa...




created by : Mortisylum

3 comments:

YULIYANTI FATIMAH said...
This comment has been removed by the author.
YANA a.K.a NAY MULYANA said...

hmm,..susah ia. ini teh lirik lagu band aa sayang,..hheu. =)

santri petualang said...

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Izin copas.. 🙏🙏🙏